Minggu, 29 April 2012

Didieu Hatena Reureuh


Keur jongjon  mukaan sagala materi anu isuk bakal di bahas, ujug ujug aya email asup kana inbox, buru buru ku kuring di buka bisi ti babaturan kuring anu rek nambahan materi, pas di buka aya email ti Dini babaturan kuring baheula , ku kuring di klik we , eusina :

from : diny@yahoo.fr

Wilujeng siang kang.
Dibujeng enggalna wae, bade ngawartosan, masih kenal ka Niar ?? Sasih kapengker lebet rumah sakit rada hariwang panyawatna, ayeuna tos di candak ka bumi ibuna ka Cikajang, bilih panasaran paksakeun ngalongok..

baktos,
Diny

Niar !!!!!!!!!!!...hiji ngaran anu ku kuring kungsi di usahakeun poho tapi teu bisa di popohokeun..
Baheula jaman  kuring jeung Niar masih pada pada kuliah keneh  silih tamplokkeun ka asih salila  4 taun,  tapi geuning ari manusa mah mung sakadar ngarencanakeun Alloh marengkeun lain teu sarua jeung rencana kuring duaan, ahirna tambang duriat tali ka asih pegat sok sanajan lain  kurin jeung Niar anu megatkeun syareatna mah, tapi dulurna Niar..
Ayeuna 28 taun aya beja Niar gering ripuh, jeung Dini meupeujeuhanan kuring kudu bisa ngalongok, matak nga email oge sigana ieu kabar penting ..
Ahirna poe jumaah kuring indit ka tempat anu geus kuring mah baheula pernah kadinya, hiji wewengkon anu hawana matak betah anu keur titirah , hiji pakampungan di tutugan gunung Cikuray.
Isuk isuk keneh kuring geus ninggalkeun jakarta muru datang samemeh sholat jumaahan,
sadatangna ka katempat Niar titirah,  kuring nyalse henteu langsung muru ka imahna,, kuring dahar heula ditempat anu baheula pernah dahar duaan jeung Niar, geuning salila 28 taun teu loba anu robah restoran teh.. ngan anu bogana geus ganti ku anakna..
Beres dahar kakara kuring muru ka imah tempat Niar titirah, kuring teu loba nanya da geus apal baheula mah sok mindeng kadinya lamun kuring jeung Niar libur kuliah.. Geuning imah mamahna Niar teu loba robah oge masih siga baheula kaca jandelana masih make kaca patri motif kekembangan,ngan aya anu beda, baheula mah di hareupeun imah teh aya tangkal kesemek , ari ayeuna mah geus ganti ku kekembangan wungkul..

Lila kuring ngahuleng kumaha piomongeun engke mun geus papanggih jeung Niar,, rek nanyakeun naon nya,, ah geuning anu tadi rarancang omongan salila di perjalanan , ayeuna ari geus rek panggih jeung Niar mah jadi poho deui.
Ahirna kuring ngawanikeun sorangan ngetok panto baru uluk salam, tilu kali ngetok panto acan aya anu muka wae,, ari rek ngetok anu ka opatna panto aya anu mukakeun,, aya anu kaluar ti imah hiji sepuh anu basajan ngangge kurudung ngabageakeun semahna , sok sanajan  geus lila kuring teu papanggih, tapi kuring maol kapalingan tinggal,, kuring masih wawuh ieu teh mamahna Niar,,.
Mamahna Niar ngahiapkeun semahna supaya asup ka jero bari terus nanya saha ari kuring, ma'lum ceunah mamah teh ayeuna mah geus ngangge tasma jadi kurang jelas titingalianana  lamun tamuna teu nyebutkeun saha sahana mah.
Ahirna kuring nerangkeun saha kuring  jeung naon pamaksudan.. na daeta mah kakara rengse nyebutkeun pamaksudan kuring rek ngalongok Niar anu keur titirah, ... gabrug teh mamahna Niar ngagabrug kuring, sigana mah ayeuna mamahna Niar geus nyahoeun kuring, anjeuna sok sanajan bari ngalimba da karasa cisocana ngeclak kana leungeun kuring, anjeuna nanya kuring ayeuna dimana , ka urang mana ari istri jeung geus sabaraha hiji batina... bari rarat reret ka tengah imah, kuring nerangkeun sakumaha anu di tanya ku mamahna Niar.
Kuring geus teu sabar hayang nyaho kumaha ayeuna Niar, tapi mamahna acan balaka wae, malah kalahka asup deui ka jero imah balikna deui  bari mawa cai teh naheut jeung susuguh manisan kesemek, cenah baheula kesemek samodel kieu pernah karesep kuring, geuning mamah Niar mah mani apal keneh kana karesep semahna anu teu datang deui salila 28 taun..
Kuring teu sabar, pok deui nanya dimana ari ayeuna Niar titirahna,,,
"Keun we engke ku mamah dianteur katempat ayeuna Niar istirahat , ayeuna mah sok eta manisan kesemek raosan heula" ceuk mamah Niar.
Manisan kesemek geus beak dua, tapi kuring jadi tambah panasaran dimana ayeuna Niar.
"Mah.. urang ayeuna we atuh ka bumi Niar teh engke mah bilih kabujeng hujan  " ceuk kuring ka mamahna Niar
Mamahna Niar asup ka pangkengna, teu lila geus kaluar deui bari ngangge mantel da geuning hawa gunung geus karasa tiris..
Kuring nuturkeun mamahna Niar ti tukang, anjeuna waktu rek kaluar ti pakarangan imah nyempetkeun heula metik kembang eros beureum  anu keru ligar.
Sapanjang perjalanan anjeuna teu seueur sasauran tungkul we angkatna teh bari di tuturkeun ku kuring ti tukang anu keur alewoh hate,anu keur nyieun rarancang piomongeun lamun engke papanggih jeung Niar bari nyawang kumaha ayeuna dedegan Niar.
Kuring jeung mamah Niar geus kaluar ti rarambu kampung terus mapay mapay jalan ronda anu brasna ka pamakaman umum, ti dinya terus mentas jalan gede ka belah kalerkeun...
Didieu kakara mamahna Niar ngarandeg heula bari ngareret ka tukang, meureun nempo kuring bisi salah mengkol,
Sanggeus meuntas jalan gede mamah Niar ngajak kana sampalan kebon enteh anu keur meujeuhna ngemplod hejo anu acan di petik. di palataran ieu mah sigana dipake pamakaman keluarga, da pangeusina kakara aya 6 makamna, mamah Niar ngarandeg deui terus ngadatangan hiji tempat anu taneuhna masih keneh ngagunduk.

"Yap kadieu hideup.. didieu ayeuna mah Niar teh titirahna...." ceuk mamahna Niar bari katingali dina lolongkrang socana ngagendang cisoca anu sakeudeung deui murag.

Mamahna Niar nuduhkeun hiji tutunnggul anu anyar keneh di cecebkeun bari aya tulisan "
                                                                  Wafat
                                                                  Yuniarti
                                                                     Lahir
                                                              27 Juni 1967
                                                               7 April 2012

Gebeg kuring teu nyangka saeutik eutik acan , geuning mamahna Niar teh mawa kuring ka pajaratan Niar..
Teu nyangka geuning Niar geus Miheulaan kuring miang ka alam kalanggengan, kuring leungit kalalakian.. ceurik di heureupun  tutunggul Niar... ras ku sedih teu bisa papanggih heula salila 28 taun, rajeun ayeuna papanggih tapi jeung tutunggulna wungkul...  kuring ngado'a bari cipanon mah murubut teu bisa di tahan, kitu oge mamahna Niar kadenge inghakna bari mere kembang eros beureum anu tadi di petik di hareupeun imah kana leungeun kuring supaya di awurkeun dina pajaratan Niar.

Saenggeus lila ngado'a bari teu weleh boga kaduhung teu bisa papanggih heula jeung sijenat,  mamah Niar ngajak balik da geuning poe geus ngagayuh ka wanci asar.. kuring nuturkeun mamah Niar balik deui ka Bumina..
Di Imah, mamah Niar kakara nyaritakeun Niar ti keur geuring di rawat di rumah sakit di bandung tepi ka titirahna ka imah anu baheula di pake Mamah ngaborojolkeun Niar deui.
Saenggeus milu shalat asar heula, kuring amitan ka mamah Niar, sakali deui Mamahna Niar ngagabrug ka kuring, kitu deui kuring ngarangkul mamah Niar , anjeuna nyarios pegat pegat bari disarengan ku inghakna "
"Yana..... hampura nya mamah Jeung Niar, keun we carita anu baheula anu pernah Yana jeung Niar tulis ayeuna mah urang simpen jeung urang titipkeun we di pajaratan Niar"  ceuk Mamah Niar bari terus nangkeup kuring .
Kuring mah teu bisa ngomong sakecap kecap acan.. nu aya mah ngan cipanon we teu bisa eureun kaluar..

Sabada Shalat Asar kuring Miang ninggalkeun hiji kampung anu teu bisa ku kuring di popohokeun bari di  jajap ku gupayna Mamah Niar..

Selasa, 24 April 2012

Kalangkang Sijenat

 Kalangkang Si Jenat

Peuting tadi mah sok sanajan di peureum peureumkeun oge, tapi pitunduheun tetep teu datang wae.
Beuki peuting beuki jemplang jempling, tapi pikiran kalahka ngalayang ka mana mendi, pikiran kalahka ka gambar deui kana beja anu kamari isuk isuk katampa ti sobat kuring, geuning si jenat teh geus mulih ka jati mulang ka asal, geus di pundut kunu Maha Suci, ayeuna si jenat geus aya di alam kalanggengan, duh Gusti geuning jodo , pati mah memang rahasia Gusti, manusa mah mung darma wawayangan wae..
 Jam weker dina luhureun sirah belna geus disada sakali nandakeun waktu geus asup ka janari , tapi panon jeung hate tetep teu bisa nyieuhkeun bangbaluh anu ngagunduk, rasa kasedih pagalo jeung rasa rumasa dosa, kuring teu bisa papanggih heula jeung si jenat waktu anjeuna keur di rawat di rumah sakit..pitunduheun leungit nu aya ngan  kalangkang si jenat ka gambar deui waktu 28 taun ka tukang, harita kuring neundeun ka asih ka manehna jeung manehna oge nampa ka asih ti kuring sok sanajan kudu susulumputan sieun ka panggih ku lanceukna.. harita manehna pernah mikeun buku agenda, nitah kuring nulis tentang naon wae dina agenda.. tapi panitah manehna nepi ka ayeuna teu kalaksanakeun.
Hahadean jeng si jenat di piteskeun, tapi lain ku kuring atawa ku si jenat, ieu mah di puteskeun ku nu lain...inget keneh waktu kuring tas ngilu di wisuda harita teh, si jenat ngajak ngobrol di kampusna cenah mah urang duaan kudu papisah heula lantaran lanceuk si jenat ngalarang adina nampa ka asih ti kuring.. ti harita rasa kakeuheul, kasedih pacampur, ka asih anu keur ligar ngadadak layu kapaksa.. ti harita kuring teu panggih deui jeung si jenat,,
Alhamdulillah geuning Allah mah maha asih ka sakabeh umatNA, kuring di parengkeun deui papanggih jeung si jenat di taun 2009 sok sanajan papanggihna ngan di internet wungkul.. sempet silaturahim deui dina YM, kuring bisa nyaho kumaha si jenat ayeuna, sabaraha putrana, naon profesina.., tapi silatirahim ieu leungit deui di taun 2010 bari teu apal kunaon sababna. YMna geus teu aktif deui, fesbukna sok komo geus euweuh, atuh nomor HPna oge geus di Ganti kuring jadi kaleungitan laratan deui...
Teu gugur teu angin, kamari isuk isuk narima beja si jenat geus ngantunkeun  sakabeh anu mi ka asih ka manehna, ninggalkeun sagunduk ka sedih jang kuring mah,, kuring mani rumasa dosa teu bisa ngalongok heula waktu si jenat di opname di rumah sakit..
du Gusti nu maha Agung , mugia si jenat di hapunten sagala rupi dosa dosana, di tampi sagala amal ibadahna,, sareng mudah mudahan Gusti masihan tempat kangge si jenat di tempat anu mulia Mungguh Gusti....
Pileuleuyan jenat, kalangkang anjeun mah tetep aya dina hate kuring...

Kapanggih Raratan

Kapanggih Raratan

Sok sanajan hawa Batawi ayeuna geus ngagayuh ka usum halodo, panon poe angger mabra murakeun cahyana keur sakabeh umat, karasana isuk isuk keneh geus hareudang bayeungyang.
Tapi ari kuring mah karasana malah sabalikna , lir ibarat ayeuna keur aya di cihideung lembang, hate kuring pinuh ku sarwa kekembangan, hate anu pinuh ku kabungah amar watasuta..
Teu rek bungah kumaha, dua puluh tilu taun teu papanggih jeung manehna, ayeuna papanggih deui , sok sanajan teu langsung.
Memang enya teu langsung papanggihna, ieu mah papanggih dina fesbuk komputer kuring..
Bari nyidik nyidik foto manehna anu aya dina fesbuk, kuring mulangkeun panineungan ka mangsa alam anu geus kaliwat.
Rarasaan kuring mah asa keur lalajo bioskop, lalakon anu kungsi karandapan , bruh breh narembongan deui sarta dina "Pilem" na teh salawasna aya kuring jeung manehna.
Lalakon anu ku kuring bisa di inget inget jeung kagambar dina pilem kahirupan , mangsa kuring reureujeungan jeung manehna , mangsa kuring ngedalkeun asih anu munggaran ka manehna
Mangsa kuring babarengan indit kuliah , rarasaan harita mah jalan ti karasak ka dago keun teh mani asa milik kuring duaan, teu nolih patalimarga anu patingsuliwer, teu nolih supir angkot ngambek ka kuring karana kuring ngajalankeun motorna lalaunan, tepi ka angkotna hese rek nyiap.
Hanjakal... cinta anu keur mangkak teh aya anu minggeskeun, najan dina hate mah geus mangkak rasa asih anu tohaga, tapi kuring teu bisa maksa da kitu kahayang kolotna jeungna deui memang kolotna anu leuwih hak tibatan kuring..
Ti harita tambang duriat, tali kaasih pegat, sok sanajan kuring mah teu rumasa megatkeun.
Poe panungtungan manehna menta di tepungan di kampusna, da sarua manehna oge keur samagaha hate siga hate kuring keur samagaha total..poek mongkleng.
Ti kampusna kuring duaan mapay mapay jalan dago ka kidulkeun anu harita geus wanci ngagayuh ka sorenakeun.
Palebah toko Aquarius manehna nepak taktak kuring nitah mengkol heula da rek meuli kaset SADE karesep manehna..
Beuki lila taktak di tepakanana. .. gebeg teh.. geuning bener aya anu nepak taktak kuring ku OB anu tadi papanggih di lift rek di titah meuli sangu koneng ka kantin..
Geuning kuring keur nonton pilem kahirupan teh di potong ku sakadang OB ...cag....