Minggu, 29 April 2012

Didieu Hatena Reureuh


Keur jongjon  mukaan sagala materi anu isuk bakal di bahas, ujug ujug aya email asup kana inbox, buru buru ku kuring di buka bisi ti babaturan kuring anu rek nambahan materi, pas di buka aya email ti Dini babaturan kuring baheula , ku kuring di klik we , eusina :

from : diny@yahoo.fr

Wilujeng siang kang.
Dibujeng enggalna wae, bade ngawartosan, masih kenal ka Niar ?? Sasih kapengker lebet rumah sakit rada hariwang panyawatna, ayeuna tos di candak ka bumi ibuna ka Cikajang, bilih panasaran paksakeun ngalongok..

baktos,
Diny

Niar !!!!!!!!!!!...hiji ngaran anu ku kuring kungsi di usahakeun poho tapi teu bisa di popohokeun..
Baheula jaman  kuring jeung Niar masih pada pada kuliah keneh  silih tamplokkeun ka asih salila  4 taun,  tapi geuning ari manusa mah mung sakadar ngarencanakeun Alloh marengkeun lain teu sarua jeung rencana kuring duaan, ahirna tambang duriat tali ka asih pegat sok sanajan lain  kurin jeung Niar anu megatkeun syareatna mah, tapi dulurna Niar..
Ayeuna 28 taun aya beja Niar gering ripuh, jeung Dini meupeujeuhanan kuring kudu bisa ngalongok, matak nga email oge sigana ieu kabar penting ..
Ahirna poe jumaah kuring indit ka tempat anu geus kuring mah baheula pernah kadinya, hiji wewengkon anu hawana matak betah anu keur titirah , hiji pakampungan di tutugan gunung Cikuray.
Isuk isuk keneh kuring geus ninggalkeun jakarta muru datang samemeh sholat jumaahan,
sadatangna ka katempat Niar titirah,  kuring nyalse henteu langsung muru ka imahna,, kuring dahar heula ditempat anu baheula pernah dahar duaan jeung Niar, geuning salila 28 taun teu loba anu robah restoran teh.. ngan anu bogana geus ganti ku anakna..
Beres dahar kakara kuring muru ka imah tempat Niar titirah, kuring teu loba nanya da geus apal baheula mah sok mindeng kadinya lamun kuring jeung Niar libur kuliah.. Geuning imah mamahna Niar teu loba robah oge masih siga baheula kaca jandelana masih make kaca patri motif kekembangan,ngan aya anu beda, baheula mah di hareupeun imah teh aya tangkal kesemek , ari ayeuna mah geus ganti ku kekembangan wungkul..

Lila kuring ngahuleng kumaha piomongeun engke mun geus papanggih jeung Niar,, rek nanyakeun naon nya,, ah geuning anu tadi rarancang omongan salila di perjalanan , ayeuna ari geus rek panggih jeung Niar mah jadi poho deui.
Ahirna kuring ngawanikeun sorangan ngetok panto baru uluk salam, tilu kali ngetok panto acan aya anu muka wae,, ari rek ngetok anu ka opatna panto aya anu mukakeun,, aya anu kaluar ti imah hiji sepuh anu basajan ngangge kurudung ngabageakeun semahna , sok sanajan  geus lila kuring teu papanggih, tapi kuring maol kapalingan tinggal,, kuring masih wawuh ieu teh mamahna Niar,,.
Mamahna Niar ngahiapkeun semahna supaya asup ka jero bari terus nanya saha ari kuring, ma'lum ceunah mamah teh ayeuna mah geus ngangge tasma jadi kurang jelas titingalianana  lamun tamuna teu nyebutkeun saha sahana mah.
Ahirna kuring nerangkeun saha kuring  jeung naon pamaksudan.. na daeta mah kakara rengse nyebutkeun pamaksudan kuring rek ngalongok Niar anu keur titirah, ... gabrug teh mamahna Niar ngagabrug kuring, sigana mah ayeuna mamahna Niar geus nyahoeun kuring, anjeuna sok sanajan bari ngalimba da karasa cisocana ngeclak kana leungeun kuring, anjeuna nanya kuring ayeuna dimana , ka urang mana ari istri jeung geus sabaraha hiji batina... bari rarat reret ka tengah imah, kuring nerangkeun sakumaha anu di tanya ku mamahna Niar.
Kuring geus teu sabar hayang nyaho kumaha ayeuna Niar, tapi mamahna acan balaka wae, malah kalahka asup deui ka jero imah balikna deui  bari mawa cai teh naheut jeung susuguh manisan kesemek, cenah baheula kesemek samodel kieu pernah karesep kuring, geuning mamah Niar mah mani apal keneh kana karesep semahna anu teu datang deui salila 28 taun..
Kuring teu sabar, pok deui nanya dimana ari ayeuna Niar titirahna,,,
"Keun we engke ku mamah dianteur katempat ayeuna Niar istirahat , ayeuna mah sok eta manisan kesemek raosan heula" ceuk mamah Niar.
Manisan kesemek geus beak dua, tapi kuring jadi tambah panasaran dimana ayeuna Niar.
"Mah.. urang ayeuna we atuh ka bumi Niar teh engke mah bilih kabujeng hujan  " ceuk kuring ka mamahna Niar
Mamahna Niar asup ka pangkengna, teu lila geus kaluar deui bari ngangge mantel da geuning hawa gunung geus karasa tiris..
Kuring nuturkeun mamahna Niar ti tukang, anjeuna waktu rek kaluar ti pakarangan imah nyempetkeun heula metik kembang eros beureum  anu keru ligar.
Sapanjang perjalanan anjeuna teu seueur sasauran tungkul we angkatna teh bari di tuturkeun ku kuring ti tukang anu keur alewoh hate,anu keur nyieun rarancang piomongeun lamun engke papanggih jeung Niar bari nyawang kumaha ayeuna dedegan Niar.
Kuring jeung mamah Niar geus kaluar ti rarambu kampung terus mapay mapay jalan ronda anu brasna ka pamakaman umum, ti dinya terus mentas jalan gede ka belah kalerkeun...
Didieu kakara mamahna Niar ngarandeg heula bari ngareret ka tukang, meureun nempo kuring bisi salah mengkol,
Sanggeus meuntas jalan gede mamah Niar ngajak kana sampalan kebon enteh anu keur meujeuhna ngemplod hejo anu acan di petik. di palataran ieu mah sigana dipake pamakaman keluarga, da pangeusina kakara aya 6 makamna, mamah Niar ngarandeg deui terus ngadatangan hiji tempat anu taneuhna masih keneh ngagunduk.

"Yap kadieu hideup.. didieu ayeuna mah Niar teh titirahna...." ceuk mamahna Niar bari katingali dina lolongkrang socana ngagendang cisoca anu sakeudeung deui murag.

Mamahna Niar nuduhkeun hiji tutunnggul anu anyar keneh di cecebkeun bari aya tulisan "
                                                                  Wafat
                                                                  Yuniarti
                                                                     Lahir
                                                              27 Juni 1967
                                                               7 April 2012

Gebeg kuring teu nyangka saeutik eutik acan , geuning mamahna Niar teh mawa kuring ka pajaratan Niar..
Teu nyangka geuning Niar geus Miheulaan kuring miang ka alam kalanggengan, kuring leungit kalalakian.. ceurik di heureupun  tutunggul Niar... ras ku sedih teu bisa papanggih heula salila 28 taun, rajeun ayeuna papanggih tapi jeung tutunggulna wungkul...  kuring ngado'a bari cipanon mah murubut teu bisa di tahan, kitu oge mamahna Niar kadenge inghakna bari mere kembang eros beureum anu tadi di petik di hareupeun imah kana leungeun kuring supaya di awurkeun dina pajaratan Niar.

Saenggeus lila ngado'a bari teu weleh boga kaduhung teu bisa papanggih heula jeung sijenat,  mamah Niar ngajak balik da geuning poe geus ngagayuh ka wanci asar.. kuring nuturkeun mamah Niar balik deui ka Bumina..
Di Imah, mamah Niar kakara nyaritakeun Niar ti keur geuring di rawat di rumah sakit di bandung tepi ka titirahna ka imah anu baheula di pake Mamah ngaborojolkeun Niar deui.
Saenggeus milu shalat asar heula, kuring amitan ka mamah Niar, sakali deui Mamahna Niar ngagabrug ka kuring, kitu deui kuring ngarangkul mamah Niar , anjeuna nyarios pegat pegat bari disarengan ku inghakna "
"Yana..... hampura nya mamah Jeung Niar, keun we carita anu baheula anu pernah Yana jeung Niar tulis ayeuna mah urang simpen jeung urang titipkeun we di pajaratan Niar"  ceuk Mamah Niar bari terus nangkeup kuring .
Kuring mah teu bisa ngomong sakecap kecap acan.. nu aya mah ngan cipanon we teu bisa eureun kaluar..

Sabada Shalat Asar kuring Miang ninggalkeun hiji kampung anu teu bisa ku kuring di popohokeun bari di  jajap ku gupayna Mamah Niar..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar