Selasa, 24 April 2012

Kapanggih Raratan

Kapanggih Raratan

Sok sanajan hawa Batawi ayeuna geus ngagayuh ka usum halodo, panon poe angger mabra murakeun cahyana keur sakabeh umat, karasana isuk isuk keneh geus hareudang bayeungyang.
Tapi ari kuring mah karasana malah sabalikna , lir ibarat ayeuna keur aya di cihideung lembang, hate kuring pinuh ku sarwa kekembangan, hate anu pinuh ku kabungah amar watasuta..
Teu rek bungah kumaha, dua puluh tilu taun teu papanggih jeung manehna, ayeuna papanggih deui , sok sanajan teu langsung.
Memang enya teu langsung papanggihna, ieu mah papanggih dina fesbuk komputer kuring..
Bari nyidik nyidik foto manehna anu aya dina fesbuk, kuring mulangkeun panineungan ka mangsa alam anu geus kaliwat.
Rarasaan kuring mah asa keur lalajo bioskop, lalakon anu kungsi karandapan , bruh breh narembongan deui sarta dina "Pilem" na teh salawasna aya kuring jeung manehna.
Lalakon anu ku kuring bisa di inget inget jeung kagambar dina pilem kahirupan , mangsa kuring reureujeungan jeung manehna , mangsa kuring ngedalkeun asih anu munggaran ka manehna
Mangsa kuring babarengan indit kuliah , rarasaan harita mah jalan ti karasak ka dago keun teh mani asa milik kuring duaan, teu nolih patalimarga anu patingsuliwer, teu nolih supir angkot ngambek ka kuring karana kuring ngajalankeun motorna lalaunan, tepi ka angkotna hese rek nyiap.
Hanjakal... cinta anu keur mangkak teh aya anu minggeskeun, najan dina hate mah geus mangkak rasa asih anu tohaga, tapi kuring teu bisa maksa da kitu kahayang kolotna jeungna deui memang kolotna anu leuwih hak tibatan kuring..
Ti harita tambang duriat, tali kaasih pegat, sok sanajan kuring mah teu rumasa megatkeun.
Poe panungtungan manehna menta di tepungan di kampusna, da sarua manehna oge keur samagaha hate siga hate kuring keur samagaha total..poek mongkleng.
Ti kampusna kuring duaan mapay mapay jalan dago ka kidulkeun anu harita geus wanci ngagayuh ka sorenakeun.
Palebah toko Aquarius manehna nepak taktak kuring nitah mengkol heula da rek meuli kaset SADE karesep manehna..
Beuki lila taktak di tepakanana. .. gebeg teh.. geuning bener aya anu nepak taktak kuring ku OB anu tadi papanggih di lift rek di titah meuli sangu koneng ka kantin..
Geuning kuring keur nonton pilem kahirupan teh di potong ku sakadang OB ...cag....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar